Rabu, 15 Maret 2017

Tulisan Sunda pun Bapa

Karumasa Kiumbara

Sanduk buhun tina lumaku
Sasadu tina purunyus
Sembah sungkem  tina kabandel
Nyolongkrong dongko tina bedegong
Tumamprak rumasa dosa
Ramisak ngarasa doraka

Ya Robbi
Abdi rumaos ....
Seueur geuleuh batan deudeuh
Seueur humaneuar batan ikhtiar
Seueur dipasihan batan pengabdian
Seueur ngarasula batan bebela
.........
Ya Robbii
Abdi rumaos .....
Teuas manah batan cadas
Dosa ngaleuya doraka balatak
Ngumbar lamunan hapa  amalan
Ngedul sumujud basangkal taat
Kagembang maksiat kapincut ngalajur nafsu
.....
Tapiii.....
Bade kasaha abdi balaka ...
Mung ka Salira Nu Maha Agung abdi sasadu ...
Istuning ka Robbi Nu  Maha Suci
abdi jumerit...
Abdi aneprok moyongkod dina panto maghfiroh...
Tumamprak tobat dina lawang kanyaah..
Rengkuh sujud bari nyurucud nyukcruk pangampun...

Abdi Yaqin kana wangsit Ilahi
Dosa nu nyagara
Luput nu ngagunung
Kelepatan nu mayakpak
Doraka antay-antayan
...
Masih lega keneh
Kaasih Ribbil 'Alamin
Kanyaah Nu Maha Kawasa
Maghfiroh Alloh SWT..

أستغفر الله العظيم واتوب اليه.....
#GHUFRONAKA.
#ngabagi_jumerit_ati
#ngahiyap_munajat_manah.
Caag.
Wanci : janari leutik
Di : palataran mardhotillah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar