Jumat, 10 Maret 2017

Tulisan Bapa...

Kamarana nu baheula singborelak kasorot panonpoe isuk-isuk.
Kamarana trung trong lisung jeung sing csruitna manuk.
Kamarana sondah , ucing sumput , hatrik , sigug jeung momobilan cangkang jeruk.
Kamarana nu biasana ngabring mawa obor ka masjid seja ngadangukeun piwuruk.
...........
Rumasa hirup di dua kayaan zaman.
Nyoreang masa katukang mung ukur dina lamunan.
Asa hayang deui ngbaladah ngababakan.
Ngumpulkeun perelek di tungtung kahirupan.
Metakeun deudeuh ka sadayana pasukan .
Anteng, tengtrem, soson soson ngabageakeun perobihan.
Najan kudu lila ngadagoan.
Tetep dek disanghareupan.
Bari muntang ka Nu Maha Rahman
Sarta ulak ilik bisi kapangaruhan syetan.
Wudkeun harepan
Ngumpulkeun ganjaran
Nobatan kasalahan
Sykur kana kani'matan
Sabar kana ujian.
.............
Caag.
Kiumbara0561.
Kotretan perjalanan .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar